A. Rarakitan
1. Piwuruk
Salilana aranjeun ulin
Moal poho ka si Ucil
Salilana Anjeun yakin
Moal aya nu mustahil
2. Silih asih
Anggang imah ka Palasah
Nu nganteur na teu satia
Anggang mah lain masalah
Asal hatena satia
3. Banyol
Ti hareup mah meuni caang
Hanjakal eweuh warnaan
Ti tukang mah kawas mojang
Hanjakal aya kumisan
B. Paparikan
1. Piwuruk
Bu Neni calikna sila
Leueutna ku cai es
Sing getol lamun sakola
Sangkan jadi jalma sukses
2. Silih asih
Salila abdi di Bandung
Teu manggih aya astana
Eta saha nu dicindung
Geulisna kabina-bina
3. Banyol
Abdi ameng ka si Ogan
Teu hilap ngajak si Intan
Di poto mah kawas Afgan
Hanjakal meunang editan
C. Wawangsalan
1.
Gentong leutik dibalikeun
Da kakulon lain kawetan
wangsalna : Galon
2.
Dua peso dua cagak
Ti peuting sarua wae
Wangsalna : Gunting
3.
Saung leutik dibabawa
Kabiruyungan ku Bu RT
Wangsalna
: Payung
No comments:
Post a Comment